PANCAKAKI

NAMA : SELY NURZAHRA
KELAS : XII IPA 3
• Pancakaki teh boga dua karti.kahiji, pancakaki teh nyaeta sartilah duduluran (sistem kekeluargaan) dina hiji kulawarga di masarakat sunda. Ngawengku rundayan kuturunan, Jeung sesebutan perenahna jelema ka jelema deui nu sakulawarga atawa dulur (Baraya) keneh. Kadua, pancakaki teh nyaeta mapay perenahna babarayaan.

• Macam-macam na nyaeta : anak, buyut, Bao, canggahwareng (janggawareng), udeg-udeg, kait suwir (gantung siwur), bau sinduk Jeung Karuhun atawa luluhur.

• Conto-conto na nyaeta :
a. Rundayan atawa Turunan
– anak => turunan kahiji.
– incu => turunan kadua, anakna anak.
– buyut => anak incu.
– bao => anakna buyut.
– janggawaréng atawa canggahwaréng => anakna bao.
– kait siwur => anak janggawaréng.

b. Ka luhur
– bapa => lalaki nu boga anak, salaki indung.
– indung => awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.
– aki => bapana indung atawa bapa.
– nini => indungna indung atawa bapa.
– buyut => indung/bapana aki atawa nini.
– bao => indung/bapana buyut.
– janggawaréng => indung/bapana bao.
– kaitsiwur => indung/bapana janggawaréng.

c. Ka gigir
– adi => dulur sahandapeun
– lanceuk => dulur saluhureun.
– emang/paman => adina bapa atawa indung (lalaki),
– bibi => awéwé adina bapa atawa indung.
– ua => lanceuk bapa atawa indung.
– alo => anak lanceuk.
– toa => anak adi.
– kapiadi => anakna emang/bibi.
– kapilanceuk => anakna ua.
– incu ti gigir => incuna adi
– aki ti gigir => lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini.
– nini ti gigir => awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.
– ua ti gigir => anakna lanceuk aki/nini.
– emang ti gigir => anakna adi aki/nini (lalaki)
– bibi ti gigir => awéwé, anakna adi aki/nini.

d. Istilah Séjénna

– adi beuteung => adina pamajikan/salaki.
– dulur sabrayna => dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua.
– dulur teges => dulur enya, saindung, sabapa.
– indung téré => pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang.
– bapa téré => salaki indung, lain anu ngalantarankeun urang lahir.
– anak téré => anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.
– dulur patétéréan => anak indung atawa anak bapa téré.
– cikal => anak panggedéna.
– pangais bungsu => lanceukna bungsu.
– bungsu => anak pangleutikna.
– baraya laér => baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.
– teu hir teu walahir => teu baraya saeutik-eutik acan.
– bau-bau sinduk => baraya kénéh, sanajan geus laér.
– dulur pet ku hinis => dulur teges.
– baraya => sakur nu aya pancakakina.
– karuhun => luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Nganalisis carpon bentang lapang

TOKOH-TOKOH PEMBEBASAN IRIAN BARAT.