Nganalisis carpon bentang lapang
3. Tuliskeun ringkesan carpon Béntang Lapang nu jéntré! NGANALISIS CARPON A. Judul : Béntang Lapang B. Karangan : Rachmatullah Ading Affandie (RAF) C. Sumber : https://kumeokmemehdipacok.blogspot.com/2017/05/carpon-sunda-karangan-r-f-bentang-lapang.html RINGKASAN CARPON Pangling pisan cenah nénjo Kadir téh. Kitu ceuk hiji batur kuring nu geus lila ninggalkeun lembur, pindah ka kota séjén. Pangahirna nénjo Kadir maén téh baréto basa méméh cilaka. Nyaho éta budak ngaringkuk di rumah sakit ogé cenah ukur ceuk béja baé wungkul. Ari ayeuna. Sataun ti sanggeus kadir maén bal deui kalawan enya-enya diasuh ku Basri, manéhna lalajo. Pangling pisan pokna. Geus pohara majuna budak téh. Ayeuna mah enyaan, geus méh asak cenah budak téh. Lain wungkul dina harti tehnik maén bal, atawa dina widang pangabisa pribadi cenah katem...